33 Soal Bahasa Sunda

33 contoh Soal Bahasa Sastra dan Budaya Sunda


tengah

A. Pilihlah jawaban yang paling tepat!

1. Istilah ‘Urang Sunda’ leuwih cocog diancokeun pikeun..
a. Jalma nu indung bapana urang Sunda jeung teu kateureuhan bangsa deungeun
b. Jalma nu cicing di Tatar Sunda sanajan lahirna di luar Jawa
c. Jalma nu basa indungna basa Sunda sanajan sapopoenan nyaritana make basa kosta
d. Jalma sekeseler Sunda atawa deungeun nu digedekeun di lingkungan sosial budaya Sunda, nu antukna kahirupan sosial-budayana jeung sikepna oge nyunda. Sarta mikawanoh, paham, jeung ngagunakeun norma-norma jeung niley-niley kasundaan dina hirupna.

2. Numutkeun titinggal arkeologis sarta naskah-naskah kuno nu tos katalungtik, urang sunda baheula boga ageman monoteis, nu kadieunakeun kapangaruh ku ajaran Hindu, Buda, Islam jeung Kristen. Ageman pituin urang Sunda nu kiwari masih bisa ditempo di Kanekes, Banten nyaeta disebut...
a. Agama Kanekes c. Sunda Wiwitan
b. Sunda Teisme  d. Jaro Sunda

3. Basa Sunda téh cabang basa Malayu-Polinesia nu kaasup kana rungkun (rumpun) basa...
a. Austronésia  c. Dravidian
b. Indo-Aryan  d. Japonic

4. Wewengkon puseur Tatar Sunda baheula disebut parahyangan (hartina tempat para dewa). Nu henteu kaasup kana wewengkon priangan (parahyangan, preanger) nyaéta...
a. Garut   c. Subang
b. Sumedang   d. Ciamis

5. Ungkara nu jadi dasar karakter atawa pasipatan urang tatar Sunda nyaeta
a. Silih asah, silih asih, silih asuh
b. Kudu bener ngarah pinter
c. Hana nguni hana mangke tan hana nguni tan hana mangke
d. Kurung batok! Mun dititah bubuara teh sok loba alesan

6. Nu henteu kaasup ngaran karajaan nu kungsi ngadeg di Tatar Sunda nyaéta...
a. Karajaan Sumedang Larang c. Karajaan Sunda
b. Karajaan Galuh  d. Karajaan Subang Larang

7. Karajaan Sumedang Larang sok sanajan kasebut karajaan leutik upama dibabandingkeun jeung karajaan Sunda sejenna, tetep mibanda ajen penting kulantaran...
a. Kungsi mantuan Prabu Siliwangi ngalawan Hayam Wuruk dina Perang Bubat
b. Mantuan nyusun naskah Kidung Sunda jeung karajaan Bali
c. Ngalahirkeun ahli-ahli maritim pikeun mantuan armada maritim karajaan Sriwijaya
d. Nagara bawahan nu nyalametkeun jeung mulasara pusaka karajaan Sunda dina wujud Mahkota Binokasih nalika datangna wadyabalad Mataram

8. Istilah nu dipaké pikeun nyebut Aksara Sunda nu kiwari geus dibakukeun jeung geus kadaptar ku Konsorsium Basa Dunya nyaéta...
a. Cacarakan  c. Kaganga
b. Hanacaraka  d. Unicode

9. Di antara hurup vokal dina basa Sunda di handap ieu aya nu henteu kaasup hurup vokal dina basa Sunda, nyaéta...
a. a  c. ai
b. eu  d. o

10. nu henteu dipikawanoh dina Tata Basa Sunda nyaéta ...
a. rajékan (kata ulang)   c. diftong (gabungan vokal)
b. ragam basa (tingkatan bahasa) d. wancahan (singkatan)

11. Kecap rajekan dwilingga (dirajek dua kecap) nu bener nu aya dina basa Sunda, nyaeta...
a. bala-bala
b. pa-patong
c. ku-ku-ru-kuk
d. dua-dua

12. Kalimat anu luyu jeung tatakrama basa nyaeta...
a. “Punten Kang, putra abdi mah teu acan bobo.”
b. “Pun lanceuk mah teu acan sumping, pun anak oge sami nuju sakola.”
c. “Deudeuh teuing, ari sia teu gableg kinten-kinten, rupina mah nya?”
d. “Dupi pun ibu teh sabaraha yuswana? Pun Rama mah parantos 78 taun.

13. Alatan pangaruh tingkatan sosial dina ajaran Hindu, Basa Sunda mibanda ragam basa atawa Undak Usuk Basa nu kiwari robah istilahna jadi Tatakrama Basa. Tingkatan basana nu asalna aya 5 tingkat, kiwari mah ukur dipikawanoh 2 tingkatan, nyaéta...
a. hormat jeung loma  c. hormat jeung kasar
b. hormat jeung garihal  d. loma jeung basa budak

14. Urang Sunda meunang pangaruh ti agama, budaya, kaasup basa nu datangna ti bangsa-bangsa dengeun, iwal...
a. Islam   c. Hindu 
b. Arab    d. Inca

15. Pangaruh India kana budaya Sunda nyaeta...
a. Numpukna koleksi Keramik Hastinajapura di karajaan Galuh
b. Ayanana carita wayang nu babonna tina Kitab Mahabarata jeung Ramayana
c. Tradisi tiluna, tujuhna, matangpuluh, jeung natus
d. Ketuk Tilu, dasar seni Jaipongan asalna tina Bharatanatyam ti Tamil Nadu, India

16. Akulturasi budaya Cina ka budaya Sunda katingali tina istilah pikeun sabangsaning kadaharan, iwal...
a. Bacang
b. Tahu
c. Cingcaw
d. Cilok
17. Tradisi kapercayaan urang Sunda nu meunang pangaruh kuat ti Hindu bisa katingali dina..
a. barongsay   c. nguburkeun mayit
b. nyawén (panén)  d. nyegik

18. Karya satra Sunda nu meunang pangaruh ti Islam nyaéta..
c. wawacan   c. carita pantun
d. carita wayang  d. sisindiran

19. Dina hajat orok atawa Sunatan sok aya nu maca wawacan. Sunatan dasarna teh tina ajaran...
a. Buda     c. Islam
b. Hindu    d. Arab
20. Wawacan teh carita nu ditulis dina wangun pupuh. Anu kaasup judul wawacan nu kawentar nu kungsi ditalungtik nyaeta, iwal...
a. Lutung Kasarung
b. Mundinglaya di Kusumah
c. Prabu Kean Santang
d. Nyi Roro Kidul

21. Wawacan teh kaasup kana salahsahiji Karya Sastra Sunda Buhun. Karya sastra buhun lianna nyaéta, iwal...
a. Guguritan    c. Jangjawokan
b. Gending Karesmen   d. Sisindiran

22. Guguritan teh nyaéta...
a. Sajak dina wangun sisindiran  c. Sajak dina wangun prosais
b. Sajak dina wangun pupuh  d. sajak dina wangun éstétis

23. Sisindiran
Sikluk leuweung sikluk lamping
Jauh ka sintung kalapa
Lieuk euweuh lieuk lain
Jauh ka indung jeung bapa

Karya di luhur kaasup kana sisindiran nu ditulis dina wangun...
a. paparikan    c. wawangsalan
b. rarakitan    d. cacandran

24. Cacandran teh salahsahiji pakeman basa anu puguh entep-seureuhna sarta teu bisa dirobah ku hal-hal nu baris ngarobah harti. Eusi cacandran nyaeta...
a. Tujuman pikeun hiji nagara atawa bangsa
b. Ramalan pikeun hiji seke seler
c. Tujuman pikeun hiji tempat atawa wewengkon
d. Tujuman nu tara kabuktian lantaran ukur babaledogan

25. Sahadat Sunda
Ashadu Sahadat Sunda
Sapapada jeung pandita
Néang indung nu kabduhu
Nu mayungan sajagat
Nu dipayungan sajagat
Néangan Pangéran Kudratullah
Lailahaileloh Muhammad Rasulullah
 Karya sastra Sunda di luhur leuwih payus diasupkeun kana katégori...
a. Du’a    c. ajimantra
b. wawacan   d. pupujian

26. Nu henteu kaasup kana katégori karya sastra sunda modérn nyaéta...
a. sajak   c. novel
b. dongeng   d. Drama

27. Rebab téh salah sahiji alat kasenian degung, jaipongan, atawa wayang golék. Cara maénkeun rebab nyaéta...
a. Dijentréng    c. Dikését
b. Ditepak     d. Ditoél

28. Kasenian anu diaanggap ‘khas’ ciciren daerah Subang jeung Sumedang, nyaeta...
a. Singa Depok jeung Pagerageungan
b. Singa Depok jeung Tarawangsa
c. Singa Depok jeung Ronggeng Gunung
d. Singa Depok jeung Doger Kontrak

29. Nu mingpin pakumpulan, paguyuban atawa organisasi, disebut....
a. Girang seurat   c. Organisasi
b. Pupuhu    d. Panata calagara

30. Babasan atawa babasa nu pihartieuna ‘awewe nu ilaharna nurut kana kahayang lalaki (salaki)’ nyaeta...
a. Dulang tinande   c. Baleg tampele
b. Awak sampayan   d. Nyium bari ngegel

B. Isilah pertanyaan berikut dalam bentuk jawaban uraian!

1. Naon anu dimaksud paribasa “hadé gogog hadé tagog”?
2. Naon ari tatakrama basa? Eceskeun mangpaatna!
3. Numutkeun pamendak saderek, naon kahéngkéran karakter atawa pasipatan urang Sunda jeung kumaha cara nungkulanana?